Bandung — Dinas Kependudukan jeung Pencatatan Sipil (Disdukcapil) Kota Bandung terus ngadorong transformasi layanan administrasi kependudukan anu leuwih gancang, gampang, jeung digital.
Salah sahiji léngkahna nyaéta ngintegrasikeun layanan jeung Identitas Kependudukan Digital (IKD).
Salain nyayogikeun layanan jemput bola ngaliwatan mobil pelayanan Bi Eha (Bisa Euy Hebat) jeung Mang Ujang (Mangga Urus Dulu Identitas Kependudukan Na), Disdukcapil ogé ngadorong masyarakat pikeun aktip ngaktipkeun IKD.
Ieu jadi léngkah strategis dina ngadukung digitalisasi layanan publik.
Kepala Disdukcapil Kota Bandung, Tatang Muhtar, nyebutkeun yén transformasi layanan adminduk mangrupakeun bukti komitmen pamaréntah dina nyayogikeun pelayanan anu merata jeung inklusif.
Pelayanan kudu bisa ngahontal sakabéh lapisan masyarakat, kaasup anu miboga keterbatasan.
Anjeunna ogé nambihan yén administrasi kependudukan ayeuna henteu saukur ngeunaan dokumen, tapi geus jadi dasar penting dina ngadukung pembangunan berbasis data anu akurat.
Plt. Kabid PIAK Disdukcapil Kota Bandung, Yuanda Gustazi, ngajelaskeun yén IKD méré loba kauntungan pikeun masyarakat.
Di antarana nyaéta aksés layanan anu leuwih gancang, integrasi data kependudukan, jeung ngurangan risiko leungitna dokumen fisik.
Masyarakat ogé bisa milih rupa-rupa kanal layanan, boh online boh offline, saluyu jeung kabutuhan.
Disdukcapil Kota Bandung nyayogikeun layanan online ngaliwatan:
Aplikasi Salaman + Email resmi, Website layanan adminduk, Sistem antrean digital (E-SPASI, Telegram, WhatsApp)
Sedengkeun layanan offline aya di sababaraha titik, di antarana :
Kantor Disdukcapil Kota Bandung, Drive Thru, Gerai pelayanan di pusat perbelanjaan
Kantor kecamatan sa-Kota Bandung, Layanan keliling (MepeLing), Layanan Bi Eha jeung Mang Ujang ogé ngabantu masyarakat anu miboga keterbatasan mobilitas.
Ngaliwatan integrasi layanan digital jeung tatap muka, Disdukcapil Kota Bandung boga komitmen pikeun nyayogikeun pelayanan anu leuwih gancang, gampang, aman, jeung inklusif.
Masyarakat ogé diimbau supaya waspada kana potensi penipuan, sabab aktivasi IKD henteu dipungut biaya sarta ngan dilakukeun ku petugas resmi. (son-kang amat)


