Apa Itu Tahun Saka

Tahun Saka mangrupakeun sistem penanggalan anu jadi dasar dina Kalender Sunda. Sistem ieu dimimitian ti taun 78 Masehi, anu jadi patokan awal perhitungan waktu.

Sanajan asalna tina pangaruh budaya India, dina perkembanganna Tahun Saka geus diadaptasi jeung diperkaya ku budaya Sunda, nepi ka jadi bagian tina warisan karuhun.

Dina pamahaman tradisional, Tahun Saka henteu saukur angka taun, tapi bagian tina:

sistem kosmologi – hubungan manusa jeung jagat raya – siklus waktu anu harmonis

Ku sabab éta, Kalender Sunda henteu bisa dipisahkeun tina Tahun Saka salaku fondasi utama perhitungan waktu.

Ngulik Tahun Saka hartina ngulik kumaha karuhun Sunda ningali waktu minangka bagian tina kahirupan anu leuwih jero, henteu saukur hitungan angka. (ADI PRABU)

Leave a Comment

Your email address will not be published. Required fields are marked *