Tahun Saka dimimitian dina taun 78 Masehi, anu dipercaya aya hubunganana jeung kakawasaan Raja Kanishka di India.Sistem penanggalan ieu tuluy sumebar ka Asia Tenggara, kaasup ka Nusantara, sarta diadaptasi ku masyarakat lokal, khususna di Tatar Sunda.Dina proses adaptasi éta, masyarakat Sunda henteu ngan saukur nyonto, tapi ngolah deui sistem waktu – nyaluyukeun jeung alam lokal – masihan makna budaya sorangan Ku sabab éta, Kalender Sunda anu maké dasar Tahun Saka jadi unik, sabab mangrupakeun hasil tina pangaruh luar → adaptasi lokal → kearifan karuhun hal ieu nunjukkeun yén budaya Sunda miboga kamampuhan pikeun narima pangaruh luar tanpa leungit jati diri. (ADI PRABU)
